Pupuh Ajén Nu Dibandrol
Pupuh Ajén Nu Dibandrol
Ngabandrol Gusti ku pangkat,
Ngajual iman dina etalase kahormatan,
Nu kawas jalan spiritual,
Padahal ngan jalan ka pangaruh jeung pujian.
Taya deui nu digugu,
Kajaba nu bisa mayar jeung ngadukung.
Santri digedékeun ku selfie,
Ustadz diasupkeun ka kontén,
Pupujieun diatur ku algoritma,
Tapi haténa can apal kana rasa jempling.
Jalma nu sakuduna nyingsieunan Gusti,
Geus katutupan ku pikasieuneun disieun ku batur.
“Sabaraha harga sajadah rasa?
Sabaraha nilai tina satapak tangtungan ka lelembutan?
Lamun sagalana dijieun pasar,
Gusti moal leumpang deui dina hate urang.”
Hayu, urang balik,
Ka rasa nu leuleus teu dikomando,
Ka kahadean nu teu ngajual,
Ka kasucian nu henteu dipropagandakeun,
Ngan saukur jadi...
Jadi manusa, nu nyanghareupan bumi jeung langit ku rasa suci.
.jpeg)
Komentar
Posting Komentar