Pupuh Bumi (Tina Lemah Kuring, Ka Lemah Salira)




Pupuh Bumi

(Tina Lemah Kuring, Ka Lemah Salira)

Ibu Bumi, indung rasa,
Nya anjeun nu ngandung sagalana.
Nu ngajaga unggal tapak,
Nu nahan unggal laku bangsat,
Tapi henteu sakali-kali ngajiret.

Sagala nu hurip asalna ti anjeun,
Sagala nu mati balik deui ka anjeun.
Lemah téh teu pernah milih,
Nu nyieun dosa atawa nu suci,
Sagalana ditarima dina pangkuan anjeun.

“Heh turunan lemah,
Lemah téh henteu sakadar taneuh,
Tapi rasa nu nyumput di handap dada Gusti.”

Ingsun Ngadeukeut ka Anjeun, Ibu:

Ingsun henteu nyuhunkeun harta,
Henteu nyuhunkeun kawasa,
Ingsun mung nyuhunkeun
sangkan hate abdi
sajadi taneuh nu subur pikeun rasa nu kahadean.

Ingsun henteu hayang ngabela lemah ku kekerasan,
Tapi ngabela rasa bumi
ku lampah leutik sapopoé:
Ulah ngabohong.
Ulah ngaruksak.
Ulah mopohokeun.

Mantra Pupuh:

Ibu Bumi, Bopo Angkoso,
Mangku Bumi, Mangku Angkoso.
Ingsun ngadeg satengahing jagat,
Maos montro sak jeroning ati,
Ngagem Raos nu murni.
Serno napsu, ilang rasa palid,
Manembahku, teu ku lambé, tapi ku lampah.



Komentar

Postingan populer dari blog ini

RATU ADIL TELAH TIBA

Sora Tina Jero: Ngadengekeun Nu Moal Kadéngé

Nu dakwah kari ngoronyohna